DONGENG SASAKALA GUNUNG PUTRI CILILIN
Kacaritakeun aya putri anu kacida geulisna.Ku tina geulis-geulisna,rea pisan lalaki nu mikahayang.Boh putra Raja boh turunan cacah, rea nu geus balaka hayang migarwa.Tapi taya nu bisa laksana.Sakur nu kungsi ngalamar teh balik lengoh bari kuciwa.
Demi
sababna, unggal aya nu ngalamar putri teh sok aya pamenta.Pamentana
rupa-rupa,tapi tetela taya nu hampang. Lamun teu bisa nedunan
pamentana,wayahna panglamarna teu ditarima.
Geus
aya puluhna lalaki nu gagal lantaran teu bisa nedunan kahayang
putri.Najan kitu,teu bisa kukumaha. Teu wani ngunghak campelak ka eta
putri najan kahayangna teu laksana oge.Ari sababna,lian ti geulis teh
eta putri jeung sakti deuih. Pangabisana lain bantrak-bantrakeun.
Sakali
mangsa,kurunyung aya lalaki nepungan ka eta putri. Eta lalaki teh urang
padesan,ngaranna Asep Roke. Maksudna nepungan putri seja ngalamar.
Nyi
Putri henteu nolak,Tapi nya eta boga pamenta.Pokna teh:"Heug bae kaini
jadi pamajikan anjeun, asal anjeun bisa nedunan kahayang kami.Anjeun
didagoan di dieu nepi ka wanci surup panonpoe.Datang deui kildu mawa
munding nu baplang tandukna. Lamun eta teu ngabukti,wayahna moal jadi
dipisalaki...."
Asep
Roke indit bari gede hate.Ceuk pikirna,naon hesena neangan munding
baplang! Manelma geus ujub yen bakal jadi salaki putri. Inditna teh bari
gumbira pisan.
Tapi,buktina
mah bet nyalahan.Waktu panonpoe geus rek surup,Asep Roke di jalan
keneh.Can nepi ka tempat putri. Padahal munding nu tandukna baplang teh
geus katungtun ku manehna.Ngan elat waktuna bae.
Barang reup panonpoe surup,Asep Roke kakara nepi ka pasawahan.Teu sakumaha jauhna ti patempatan putri tea.
Keur
kitu,ujug-ujug reg bae munding teh eureun,teu daek dibawa
leumpang.Mugen di dinya. Asep Roke pohara kagetna, barang ngalieuk ka
tukang,munding teh bet jadi batu! Ras Asep Roke inget ka putri nu
kasohor luhung elmuna. Moal boa kajadian kitu teh nya lantaran pangawasa
putri tea.
Cul
bae munding nu geus jadi batu teh ditinggalkeun. Berebet manehna
lumpat,muru ka tempat putri.Teu ku hanteu,barang nepi ka deukeut
panganjrekan putri,Asep Roke ge robah jadi arca batu. Nya kitu deui
putri tea, manehna ge jadi arca.
Lila
ti lila,tempat Asep Roke jadi arca teh ngajadi gunung.Nepi ka ayeuna
nelah gunung Asep Roke. Nya kitu deui tempat putri tea,jadi gunung
deuih. Kasebutna gunung Putri.Ari batu robahan tina munding nu dibawa ku
Asep Roke tea,katelah Batu Munding.Ayana di Rancapanggung, Cililin
(kab.Bandung).

Tidak ada komentar:
Posting Komentar